Anu ngocor ka alam kubur
Tilu dina hadits rosul
Hiji sodakoh zariah
Nyaeta wakaf nu ikhlas
Dua gaduh ilmu manfaat
Di dunia sareng di akherat
Tilu gaduh putra soleh
Ngadu'a keun teu weleh-weleh
Dosa abdi lamun di timbang
Ibarat budah lautan
Lir ibarat gunung uhud
Meuni langkung ageung pisan
Cindung lain ciri santri
Lain ciri bisa ngaji
Tapi cindung ciri istri
Nu ngabakti kayan widi
Saenyana malaikat
Meberkeun dua jangjang na
Pikeun jalmi anu angkat ngaos
Bari sae pamaksadanna
Jalmi anu angkat ngaos
Pibeukeuleun keur jumeneng
Maka eta di gampilkeun
Ka surgana anu langgeung
Karya: Badru saleh